Nyumput Buni Dinu Ca’ang..
Assalaamualaikum,
Kahatur ka para wargi sadaya.
Simkuring ngan ukur rek mere beja pikeun sakabeh jalma anu ngarasa urang Sunda. Sing bisa mawa diri jeung ngaji diri. Sing bisa nyumput buni dinu caang, bisa nya’angan dinu poek, bisa ngalaman maot samemeh maot.
Oge ulah poho yen jasmani parabna sangu, ruhani parabna elmu. Baruk saha anu bakal nembalan mun urang ditakonan di alam barzakh (alam kubur)? Naha Jasmani? Naha Ruhani?
Enya ceuk elmu kadokteran, elmu / ingetan teh diteundeun dina jero uteuk. Ngan, sabenerna mah elmu teh nyerepna dinu Ruh. Jadi mun ditakonan ku malaekat Jabaniah (Munkar/Nakir) teh nu bakal nembalan teh RUH urang.. Lain Jasad! Sabab jasad mah sakeudeung ge ancur kahakan takdir.
Ku kituna simkuring hayang ngajak ka sadaya wargi anu maca ieu website..
Geura bral neangan elmu pikeun pibekeleun hidep hirup di dunya rawuh di aherat. Elmu mah moal hese mamawa, diteangan moal ngurangan, dibikeun ngadon nambahan. (ArRohman Ayat 9)
Lamun geus meunang ulah adigung, tempo pare, ngan nu hapa nu sok acung-acungan.
Wassalaam.
Unique visitors to post: 2
