Bojegan Sundanese
SALAH NGADAHAR UBAR
Aya hiji dokter asli orang Jawa, dines na teh di
tanah sunda. Puguh weh saban poe pasien nu datang oge
lolobana urang Sunda, kapaksa we kudu bisa basa sunda,
maklum di kampung. Hiji waktu aya pasien nu keur diubar.
Pasien: “Kumaha aturan dahar na ieu ubar teh dok?”
Dokter: “Tah ieu, anjing-anjing siji, beurit siji, sesana jeger isuk na.”
Atuh puguh weh eta pasien teh bener-bener jeger isuk
na da salah ngadahar ubar.
BEO PINTER
Tukang beo: “Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos
capetang nyaritana.
Upami kubapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal
nyarita, “Wilujeng enjing, Pa!”
Upami kubapa dibetot suku katuhuna, nyaritana
beda deui, “Wilujeng sonten, Pa!”
Mangga saha anu bade ngagaleuh!”
Nu rek Meuli: Upami sukuna di betot duanana, kumaha?
Beo anu ti tatadi ngadengekeun,
ujug-ujug pok nyarita: “Atuh rag-rag uingna, goblog!“
MIHAPE KUDA
Kusir: “Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula.”
Budak: “Ah alim, sieun nyongot.”
Kusir: “Moal, da ieu mah kudana oge bageur.”
Budak: “Sieun nyepak atuh.”
Kusir: “Tara deuih. Kuda bageur.”
Budak: “Moal ah, sieun kabur.”
Kusir: “Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur.”
Budak: “Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?”
Unique visitors to post: 0
